Jumat, 25 November 2022

kecap rajekan trilingga

 Kecap Rajekan Trilingga nyaeta kecap rajekan anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna. Conto kecap rajekan trilingga nyaeta saperti tang-ting-tung, brat-bret-brot, dat-dit-dut, prat-pret-prot, trang-tring-trung, dak-dik-duk, pak-pik-puk, nang-ning-nung, tak-tik-tuk, bak-bik-buk.

kecap rajekan dwi madya

 Jadi, kecap rajekan dwimadya adalah kecap rajekan yang dirajeknya adalah suku-kata tengahnya. Seperti : sapoe jadi sapopoe, sapeuting jadi sapeupeuting, salembur jadi salelembur, sabaraha jadi sababaraha, sajalan jadi sajajalan.

kecap rajekan dwilingga

 Kecap rajekan Dwilingga aya 2 rupa nyaeta DWIMURNI jeung DWIREKA. Contohna nyaeta kuda-kuda (dwimurni) jeung corat-coret (dwireka).

Pembahasan

Kecap rajekan artinya adalah kata pengulangan. Dalam bahasa Sunda kata yang berulang atau pengulangan kata memang disebut sebagai rajekan. Rajekan secara harfiah maksudnya adalah disebutkan 2 kali, baik itu seluruh kata dasarnya ataupun hanya suku katanya saja. Kecap rajekan dalam bahsa sunda sendiri, dibagi menjadi empat jenis yakni:

  1. Rajekan dwipurwa
  2. Rajekan dwimadya
  3. Rajekan dwilingga
  4. Rajekan trilingga

Pada soal, yang disinggung adalah rajekan dwilingga. Arti rajekan dwilingga ini adalah suatu jenis kata berulang di mana pengulangannya terletak pada kata dasarnya. Dwilingga ini dibagi lagi ke dalam dua jenis, yakni:

  1. Dwilingga Dwimurni, yakni jenis pengulangan kata dasar tanpa disertai dengan perubahan suara pada kata dasar yang berulang tersebut. Contoh rajekan dwilingga dwimurni adalah jalma-jalma (artinya orang-orang), korsi-korsi (kursi-kursi) dan lain-lain.
  2. Dwilingga Dwireka yakni jenis pengulangan kata dasar disertai dengan perubahan suara pada kata dasar yang berulang tersebut. Contohnya adalah gulak-gilek (posisi yang tak diam), sura-seuri (artinya cengengesan) dan lain sebagainya.

dongeng sunda

 Dongeng nyaeta carita rekaan anu kaasup kana salahsahiji karya sastra dina wangun lancaran atawa prosa. Aya dua rupa wangun prosa, nyaeta prosa buhun jeung prosa modern. Dongeng kaasupna kana wangun prosa buhun. Conto wangun prosa buhun lianna, salian ti dongeng, nyaeta saperti carita wayang.

pedaran kampung adat

 Pembahasan. Kampung adat nyaeta hiji perkampungan anu dieusi ku masarakat anu masih nyekel pageuh kana adat istiadt karuhun, saperti contona kampung adat di daerah Sunda nyaeta Kampung Naga nu ayana di Kabupaten Tasikmalaya. Kampung adat biasana henteu pati kapangaruhan ku adat luar di sabuderanana.7 Sep 2018

kecap panambah

 

Jawaban ini terverifikasi

87 orang merasa terbantu
  • Terpelajar
  • 5 rb jawaban
  • 67.4 jt orang terbantu
Kecap panambah mangrupa bagian tina kecap pancen. Kecap pancen nyaeta kecap nu digunakeun pikeun nunjukkeun hubungan gramatikal dina hiji wangunan atawa kumpulan kecap-kecap nu ngabogaan tugas (pancen) ngajelaskeun kalimah jeung bagian-bagianna.

Kecap panambah nyaeta kecap pancen anu umumna jadi panambah (atribut) dina wangunan frasa atributif. Ditilik tina sifat hubungannana dina wangunan frasa, kecap panambah ngabogaan 6 bentuk, nyaeta :

1. Kecap panambah panganteb, saperti mah, tea, oge, teh, deui
2. Kecap panambah panganteur, saperti belewer, berebet, terekel, jung, gurinjal
3. Kecap panambah panahap, saperti kacida, pohara, rada, leuwih, sarua
4. Kecap panambah panangtu, saperti si, ki, sakadang, sagala, sakum, 
5. Kecap panambah aspek, saperti geus, masih, keur, can, arek
6. Kecap panambah modalitas, saperti entong, ulah, henteu, lain, moal

pakeman basa

 pakeman basa dina basa sunda nyaeta basa atawa kekecapan anu ges matok ,angger,sarta miboga 

harti anu husus.pakeman basa disebut oge idiom,asalna tina basa yunani''idios ''

papasingan biantara

 1,improptu,secara spontan teu make teks

2, memorite,ngapalkeun teks

3, manuscript,ningali naskah

4, ekstemporan,nyatet poin poin

pedaran biantara

 PEDARAN BIANTARA

      Biantara  nyaeta nyarita make basa nu hade nu merenah di hareupeun balarea, contona pidato kenegaraan, pidato milangkala , pidato nu ngagedurkeun sumanget, pidato sambutan acara atawa  event, jrrd.
      Biantara make basa jeung cara nu alus tur merenah   bisa mere pangaruh  positif  ka nu ngadengekeunna jeung pamiarsa ngarasa kataji ka nu ditepikeun ku nu biantara
      Kaparigelan biantara atawa nyarita nu jentre jeung matak kataji  di hareupeun jalma rea bisa ngabantu ka nu kasuksesan atawa karir digawe
Biantara  umumna ngalakukeun hal-hal dihandap ieu
1. mangaruhan batur supaya nurut kana kahayang urang.
2. Mere informasi ka nu lian jeung mere pangarti atawa batur supaya paham kana hiji hal.
3. ngahibur batur, nu ngadengekeun resep ngadengekeun ka nu diomongkeun ku urang, hal nu matak batur resep.
¡  C. Jenis-Jenis / Sifat-Sifat Pidato
¡  Dumasar kana sifatna biantara  :
1. Biatara  Bubuka hiji acara, nyaeta pidato singket nu ditepikeun ku pembaca acara atawa  mc.
2.Biantara Sambutan Hiji acara/kegiatan; ditepikeun dina hiji kagiatan atawa peristiwa tertentu nu dilakukeun ku sababaraha urang jeung waktu nu dibatasan.
4. Pidato Peresmian, adalah pidato yang dilakukan oleh orang yang berpengaruh untuk meresmikan sesuatu.
5. Pidato Laporan, yakni pidato yang isinya adalah melaporkan suatu tugas atau kegiatan.
6. Pidato Pertanggungjawaban, adalah pidato yang berisi suatu laporan pertanggungjawaban.
¡  Persiapan Pidato :
1. Wawasan audience nu ngadangukeun  pidato  (saha, umur, jenis kelamin)
2. Waktu pidato/durasi
3. Nyusun kecap, kalimah nu umum jeung babari .
4. Apal kana tema pidato jeung acara
5. yiapkan bahan-bahan jeung peralatan  pidato, dsb.
F. susunan  pidato nu alus biasana :

1.      Bubuka  dengan salam pembuka
2.      Eusi  nu  jelas ; maksud, tujuan, sasaran, rencana, langkah,Jrrd
3.       Panutup (kacindekan, harepan) salam panutup
Metode Biantara
1.      Metode ngapalkeun/menghapal , nyaeta  nyieun rencana biantara ku jalan ngapalkeun kata per kata/kalimah.
2.      Metode ngadadak/serta merta, nyaeta nepikeun biantara teu make persiapan naskah,  ngandelkeun pangalaman jeung kamampuh wawasan nu biantara. biasana dilakukeun waktu kaayaan darurat atau ngadadak dititah biantara
3.       Metode naskah/maca naskah, nyaeta biantara ngagunakeun naskah nu geus dijieun , dipersiapkeun saacanna
Teknik mempersiapkan pidato.
¡  nangtukeun tujuan . Biasana aya dina tema atawa  judul biantara.
¡  mikawanoh audience . Apakah hadirinnya anak-anak atau dewasa, laki-laki atau perempuan, bagaimana tingkat pendidikannya, lingkungan masyarakatnya, jenis forumnya, bagaimana tanggapannya dan lain sebagainya.
¡  nyusun pidato kalawan bener jeung jelas . mun perlu make naskah jeung didukung ku referensi-referensi
¡  latihan sing daria/serius;  materi, vokal, basa, gaya, intonasi JRRD.
¡  nyiapkeun diri; fisik – mental, nu utamana percaya diri.
¡  hadir di forum saacan acara di mimitian.
¡  Teknik melaksanakan Pidato
¡  penampilan rapi sopan luyu jeung forum/acara.
¡  nepikeun biantara  tenang, pinuh  rasa percaya diri jeungngahargaan nu ngadangukeun.
¡  nepikeun  pidato  sistimatis/ngaguluyur. mun perlu diselapan ku humor (lain heureuy).
¡  nerangkeun masalah sing  jelas, argumentatif jeung bisa  didangukeun ku audience , audience ngarti ka nu naon nu ditepikeun
¡  ngatur jeung nyaho kana waktu.
¡  mun aya  kekurangan atawa  poho  teu asa-asa menta hampura
¡  muka jeung nutup ngagunakeun salam
Biantara teh salah sahiji keahlian, keterampilan jadi kudu loba latihan;
1. ngapalekun eusi pidato
2. mikanyaho harti naskah
3. latihan  gaya
4  latihan sora/vokal
5. latihan mental

NGARONJATKEUN KAREUEUS NONOMAN KANA BASA SUNDA
Assalamu’alaikum Wr Wb
Hadirin anu sami-sami linggih,
Kersaning Gusti Nu Maha Suci, urang sadayana tiasa patepung lawung paamprok jonghok dina ieu acara. Mugi ieu acara téh lungsur langsar kalayan kahontal sagala anu dipimaksad. Amin.
Ngadegna sim kuring dina danget ieu payuneun parasepuh miwah paratamu anu sami rawuh, taya sanes seja ngiring jabung tumalampung sabda kumapalang.
Kitu oge bari jeung digedeng ku kendang gede pakauman, dag-gig-dug rasaning ati, rumasa sim kuring mah taya kabisa, sanggem paripaos téa mah étang étang lauk buruk milu mijah. Boa catur gé nu tanpa bukur, ngalantur teu puguh alang ujurna taya pulunganeunana.
Nanging sanaos suwung ku pangaweruh suda ku pangabisa, sim kuring baris nyobi ngaguar téma ieu biantara anu unina “Ngaronjatkeun Kareueus Nonoman Kana Basa Sunda”.
Hadirin nu dipihormat,
Saparantos sim kuring maluruh sababaraha sumber anu jadi rujukan. Sihoreng geuning, anu utama pikeun para nonoman atanapi generasi muda anu jadi seuweu siwi Pajajaran teh, taya sanes kedah mibanda rasa katineung kana budayana. Ulah nepikeun ka jati kasilih ku junti – mupusti budaya asing bari teu malire budaya urang sorangan. Anu antukna cul dog-dog tinggal igel. Adean ku kuda beureum, ngarasa reueus ku banda meunang nginjeum.
Sanes hartosna nonoman sunda ulah malire kana budaya deungeun, nanging asa langkung payus saupami weruh kana budaya deungeun teh disarengan ku ngaraksa – ngariksa budayana sorangan. Utamana kana basa sunda anu jadi ciciren bangsa.
Naha basa sunda ciciren bangsa? Rupina basa teh nuduhkeun ciri anu dipibanda ku salahsahiji suku bangsa. Kitu oge bakal disebut sekeseler sunda saupama disarengan ku aya basana.
Asa palangsiang, saupamana dina hiji waktu keur aya di nagara deungeun, heug aya nu naros, kawit ti mana, dijawn teh “
ti Indonesia”. Indonesiana di mana? Ana dijawab teh “ti Jawa Barat”. Batur teh nanya deui: “Atuh pinter basa Sundana, tiasa abdi ngiring diajar? … Pisakumahaeun teuing erana saupama urang keur di mancanegara diperedih ku batur pikeun ngawanohkeun basa Sunda , … tapi urang teu bisa.
Ngawanohkeun Basa Sunda saleresna mah sanes kanggo para nonoman wungkul, tapi tos kedah diwanohkeun ti kawit balita. Upami di Jawa Barat nya ku Basa Sunda. Basa Sunda salaku basa indung bakal leuwih nyerep ka diri nooman lamun geus dibiasakeun diwanohkeun ti bubudak.
Sajabi ti eta, mikacinta basa Sunda, hartosna urang parantos ngalaksanakeun amanah anu aya dina batang tubuh UUD ‘45, utamana pasal 36, Bab XV. Eta teh sanes mung ukur kanggo basa Sunda, nanging sakur basa daerah nu aya di saantero Nusantara perlu dipiara jeung dimekarkeun. Ana kitu mah nonoman anu mikareueus jeung ngagunakeun basa Sunda dina hirup kumbuhna, ngandung harti eta nonoman teh tos kalebet kana warga nagara anu hade.
Hadirin, salajengna, generasi muda anu mikacinta kana basa Sunda sami sareng parantos ngamalkeun ajaran agama. Peryogi kauninga, yen sagala rupa basa anu dipareke ku sakumna jalma anu aya di satangkaraking jagat atanapi satungkebing langit ieu, sanes ciptaan manusa, nanging dadamelan Anu Maha Kawasa – Allah SWT. Mangga uningaan Q.S Arrum ayat 22. Anu unina wallohu a’lam : jeung di antara tanda-tanda kakawasaanNa nyaeta nyiptakeun langit jeung bumi jeung rupa-rupa basa jeung warna kulit. Saestuna tina hal eta teh bener-bener nyangkaruk tanda-tanda pikeun jalma-jalma anu mikanyaho.
Tah geuning, ana kitu mah basa Sunda oge kalebet kana hasil dadamelan Gusti Nu Maha Suci. Atuh mupusti basa Sunda oge tiasa kelebet kana padamelan ibadat. Kitu oge upami jalmana aruningaeun alias marikanhyaho tea.
Pasualan utama anu kedah kawaler dina ieu tema biantara teh, nyaeta kumaha sangkan generasi muda mikacinta kana basa Sunda. Waleranana, sajabi ti rupi-rupi hal anu disebatan tadi, rumus anu utama mah generasi muda ulah ngaraos isin, era, atanapi gengsi ngagunakeun basa Sunda.
Cindekna, konci utama para nonoman/generasi muda mikcinta kana basa Sunda, diantawisna ulah eraan. Ulah era ngagunakeun basa Sunda atawa ulah gengsi cacarita ku basa sunda boh di lingkungan kulawarga boh di jalan pasampangan salami urang nu cacarita papada ngarti kana basa sunda.
Hadirin, ulah sieun disebut urang kampung bau lisung pedah nyarita ku basa sunda malah kudu sabalikna, urang kudu ngarasa reueus sabab geus ngamumule budaya karuhun.
Ulah sagala embung, nanging kudu sagala daek nyaeta kudu daek aub dina kagiatan kasundaan, sapertos acara tembang, mamaos, jeung sajabina. Sim kuring kalintang katajina ku tarekah Bapa Adang S, anu mingpin acara Caraka Sundanologi di televisi. Eta oge kalebet kana tarekah ngirut kana kerep nonoman ngagunakeun basa sundana.
Kitu oge sapertos acara Mojang jeung Jajaka Parahyangan nu dilaksanakeun ku Disbudpar Jawa Barat, eta mangrupi salah sawios tarekah ngaronjatkeun kacinta kana basana. Margi anu namina mojang jeung jajaka Sunda mah sageuy teu ngawasa kana basana.
Terekah sanesna, di antawisna urang kedah ngaronjatkeun sarana sareng rupi-rupi kagiatan anu nibulkeun kareueus nonoman kana basa katut budaya Sunda, sapertos pasanggiri biantara sareng debat anu nuju lumangsung ieu.
Anu sanesna sapertos pasanggiri maca carpon, maca sajak, sareng nerbitkeun buku-buku hancengan nonoman nu make basa panganteur basa Sunda.
Kitu oge unggal studio radio di tatar sunda, ditarekahan sangkan aya waktu husus dina acara siaran anu ngagunakeun basa Sunda salaku basa panganteurna.
Hadirin anu sami-sami linggih, eta mah sakadar cita-cita simkuring. Da ahirna mah diwangsulkeun deui ka nonoman nyalira.
Cindekna mah urang kedah peheuyeuk-heuyeuk leungeun dina ngamumule ngaraksa sareng ngariksa basa katut budaya Sunda.
Manawai bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanapi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun-sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Manawi bahan katampi, hapunten … sanes bade ngabejaan bulu tuur, atanpi mamatahan ngojay ka meri. Ieu mah mungguhing kajurung ku identitas sim kuring salaku nonoman Sunda. Sasieureun sabeunyeureun bae mah ngiring nyumbang saran.
Amit mungkur. Hapunten sakali deui, bilih aya basa anu kirang merenah sumarambah kana manah sareng matak nyelekit kana ati. Mugi agung cukup lumur jembar sihakasima.
Wassalamu’alaikum wr.wb.
SUMBER : GENTRA BASA HAL 5-7
Ieu di handap kecap-kecap anu aya dina Pangajaran 1 Ngaregepkeun Biantara.
kersaning = karena
urang = aku
sadayana = semuanya
tiasa = bisa
patepung = bertemu
paamprok = bertemu
mugia = semoga
lungsur-langsar = lancar
kalayan = dan
kahontal = tercapai
sagala = segala
anu = yang
dipimaksad = dimaksud
ngadegna = berdirinya
kuring = aku, saya
dina = pada
danget = waktu
ieu = ini
payuneun = di depan
para sepuh = para orang tua
miwah = dan
rawuh = datang
taya sanes = bukan lain
seja = akan
kitu oge = itu juga
jeung = dan
rumasa = merasa
kabisa = kemampuan
sanggem = bersedia
paripaos = peribahasa
boa = mungkin
catur = omongan
ngalantur = melantur
teu puguh = tidak jelas
alang ujur = arah
taya = tidak ada
pulungeunana = yang di pungut (yang diambil)
nanging = namun
sanaos = walapun
baris = akan
nyobi = mencoba
ngaguar = membahas
biantara = pidato
ngaronjatkeun = meningkatkan
kareueus = kebanggaan
nonoman = anak muda
kana = terhadap
saparantos = setelah
maluruh = mencari
sababara = beberapa
sihoreng = ternyata
pikeun = untuk
kedah = harus
mibanda = mempunyai
katineung = ingatan
nepikeun ka = sampai dengan
mupusti = memuja
malire = memperhatikan
antukna = akhirnya
banda = harta
nginjeum = meminjam
sanes = bukan
hartosna = artinya
deungeun = asing
nanging = namun
langkung = lebih
payus = bagus
saupami = seumpama
weruh = nyaho
disarengan = dibarengi
ngaraksa-ngariksa= melestarikan, menjaga
ciciren = ciri
rupina = ternyata
nuduhkeun = menunjukan
dipibanda = dipunyai
salah sahiji = salah satu
bakal = akan
sekeseler = turunan
disarengan = dibarengi
palangsiang = mengkhawatirkan
saumpama = seumpama
heug = ternyata
naros = bertanya
kawit = asal
pisakumahaeun = bukan main
erana = malunya
diperedih = diminta
ngawanohkeun = memperkenalkan
mikacinta = mencintai
parantos = telah
kalebet = termasuk
hade = bagus
salajengna = selanjutnya
peryogi = perlu
kauninga = diketahui
diparake = dipakai
dadamelan = ciptaan
mikanyaho = mengetahui
pasualan = persoalan
kedah = harus
kawaler = terjawab
kumaha = bagaimana
sangkan = agar
waleranna = jawabannya
sajabi = disamping
ngaraos = merasa
isin = malu
cindekna = kesimpulannya
erraan = malu
lisung = tempat menumbuk padi
reueus = bangga
ngamumule = melestarikan
karuhun = nenek moyang
embung = tidak mau
nanging = namun
aub = ikut
mamaos = menyanyi
tarekah = usaha
ngirut = menarik hati
karep= keinginan
mangrupi = merupakan
ngaronjatkeun = meningkatkan
pasanggiri = lomba
lumangasung = berlangsung
hancengan = yang disediakan
linggih = hadir/tinggal
diwangsulkeun = dikembalikan
paheuyeuk-heuyeuk = bekerja sama
manawi = kiranya
hapunten = maaf
ngabejaan = memberi tahu
mamatahan = mengajarkan
ngojay = berenang
mungguhing = benar-benar
kajurung = terdorong

kecap rajekan trilingga

  Kecap Rajekan Trilingga nyaeta  kecap rajekan anu dirajek atawa disebut tilu kali wangun dasarna . Conto kecap rajekan trilingga nyaeta sa...